Peran Media Sosial Jeung Influencer Pikeun Ngeunalkeun Basa Jeung Budaya Sunda

Mamang Rafael si Duta Seblak Asli Garut

Teknologi214 Dilihat

RADAR TASIKMALAYA – Jaman kiwari jamanana digital, jaman jelema geus loba pisan ngagunakeun media digital hususna mèdia sosial. Numutkeun laporan Digital 2021: The Latest Insights Into The State of Digital, tina kabèh total penduduk nu aya di Indonesia, 170 juta diantarana geus ngagunakeun mèdia sosial, lamun di persèntasekeun dina angkat nepi ka 61,8 persen penduduk Indonesia ngagunakeun mèdia sosial, geus leuwih ti satengahna penduduk Indonesia.

Di taun 2022 nu ngagunakeun aktif mèdia sosial naèk 12.6% jadi 191.4 juta di taun 2021 nu terus naék deui 1% jadi 204,7 juta pengguna. Numutkeun laporan nu dipublikasikeun ku We Are Social dina Januari 2023 lima mèdia sosial nu sering digunakeun masyarakat Indonesia nu kahiji nyaéta Whatsaap 92,1 persen, Instagram 86,5 persen, Facebook 83,8 persen, Tiktok 70, 8 persen, Telegram 64,3 persen. Data risèt persentaseu éta nunjukkeun yén urang Indonesia ayeuna geus loba pisan nu ngagunakeun mèdia sosial dina sapopoéna lamun ceuk basa Indonesia namah melek digital.

Tina 60 persen penduduk Indonesia nu ngagunakeun mèdia sosial tangtu béda-béda kalanganna, ti mimiti rakyat biasa, pajabat, artis, pangusaha jeung sasaha gé bisa jeung loba nu ngagunakeun mèdia sosial. Ngan lamun ditempo tina umur lolobana nu ngagunakeun mèdia sosial téh Generasi Z atau sok disebut Gen-Z anu lahir antara taun 1997-2012.

Umumna mèdia sosial téh loba digunakeun nu tadinamah jang hiburan hungkul, tambah kesel hungkul sabab dina mèdia sosial mah loba pisan konten-konten video jang ditonton ku masyarakat. Biasana jelema anu sok nyieun kontenna lamun ayeunamah disebut natéh influencer atawa jelema nu bisa ngapangaruhan réa loba jelema ngaliwatan kontenna dina mèdia sosial. Kapan lamun dina TV mah cenah disebut natéh artis atawa selebriti dina media sosial mah disarebut natèh influencer.

Influencer ngabogaan peran penting dina mèdia sosial, atuh disebut nagé influencer kan éta téh basa Inggris lamun disundakeun mah ceunah jelema nu bisa ngapangruhan. Jaman kiwari ku sabab masyarakat Indonesia loba nu ngangunakeun media sosial malahan leuwih ti satengahna penduduk Indonesia puguh téa masyarakat gé loba pisan nu ka pangaruhan ku tren anu aya dina media sosial tèh. Tah anu biasa nyarieun tren éta téh disebutna influencer terus biasana masyarakat ka pangaruhan jeung miluan tren nu aya dina mèdia sosial.

Loba pisan influencer di mèdia sosial salah sahiji aya influencer urang Sunda anu asalna ti kota Dodol Garut, dina kontenna anjeunna sering pisan ngagunakeun basa Sunda jeung ngenalkeun dahareun khas Sunda diantara seblak anu ayeuna keur buming jeung viral ogé. Rafael Tan anu ayeunamah leuwih dipikawanoh Mamang Rafael mangrupakeun artis jeung influencer anu asalna ti Garut, anjeunna gumelar di Garut, 6 November 1986.

Mamang Rafael ayeunamah nyarebut natéh nu baheula mah disebut Rafael Tan sabab mangrupa salah sahiji anggota Grup Smash Boyband anu asalna ti Indonesia. Manéhna mimiti debut karier di dunia musik, pernah ogé dina dunia perfilman Indonesia nu ahirna ayeuna jadi duta seblak atawa influencer tiktok anu followers-na geus loba pisan.

Saha atuh anu teu apal ka Mamang Rafael jaman kiwari najan ngamimitian di industri musik nyaéta Boyband Smash tapi ayeunamah Mamang Rafael téh leuwih dikenal jadi duta seblak téa sabab konténna téh viral dina mèdia sosial Tiktok, kontén natéh anu keur nyieun seblak cara Mamang Rafael atukna atuh nepi kiwari seblak éta téh disebutna seblak Rafael, tuluy Mamang Rafaelna dinobatkeun jadi duta seblak ku netizen Indonesia téh.

Ayeuna Mamang Rafael leuwih aktip dina nyieunan konten sosial media diantarana dina Tiktok jeung Instagram. Konten konten anu dijieunna hampir kabéh ngagarunakeun basa Sunda jeung nga review dahareun-dahareun khas Sunda. Tina konten-kontenna anu viral dijieun ku Mamang Rafael tangtuna boga pisan pangaruh gede pikeun kana kabudayaan jeung basa Sunda.

Saperti tadi nu geus dicaritakeun kapan anu ngarana Influencer téh gedé pisan peran na jang mangaruhan jelema nu loba, ayeuna konten-konten anu dijieun ku Mamang Rafael téh viral loba nu nonton atukna atuh pasti loba anu ka pangaruhan ogé siga kamari seblak viral téh kapan loba ogé anu narurutan nyarieun seblak siga kitu, cenah ceuk béja mah pabrik anu sok nyieunan kurupuk seblak na ogé kot ka banjir orderan jadi loba pisan nu pesen, sakitu gedèna pisan panagruhna éta influencer nu ngarana Mamang Rafael téh nepi ka kabeh masyrakat Indonesia loba nu nyieun jeung miluan tren seblak Mamang Rafael. Terus ayeuna Mamang Rafael dina nyieun kontenna konsisten jadi sering pisan ngagunakeun basa Sunda jeung konten-konten nagé ngariview kadaharan-kadaharan khas Sunda.

Ditingal tina jumlah followers Mamang Rafael dina Tiktok téh ayeuna geus 2,5 juta followers, jeung rata-rata anu nonton kontén nage mangrebu-rebu jelema malahan nepika ratusan rebu jeung jutaan ogé jelema nu nontonna. Tah tina mangréa-réa jelema nu nonton kontén Mamang Rafael téh tangtu lain urang Sunda hungkul, lain urang Bandung, Tasik, Garut hungkul tangtuna loba pisan jelema urang luar Sunda ogé anu narempo konten Mamang Rafael téh pan nepika diulem-ulem ku artis sején ogé Mamang Rafael téh tapi teu weléh anggeur Mamang Rafael loba pisan ngagunakeun basa Sunda nepika artis-artis gé dialajar basa Sunda saeutikna maranéhna arapal kana basa Sunda téh.

Terus kumaha ari panonton nu mangrébu-rébu éta? Puguhna para panonton konten Mamang Rafael gé milu kapangaruhan ogé, tina mangrebu-rebu jeung mang juta-juta penonton kontenna rek urang Jawa, Sumatera, Kalimantan jeung nu lianna, jadi wanoh kana basa jeung budaya Sunda anu dijieun kontén ku Mamang Rafael dina teu ngarti nagé naon anu diomongkeun ku Mamang Rafael nu nonton téh jadi nyaho kana basa Sunda téh siga kumaha.

Salain ti éta dina kontén-kontén na Mamang Rafael salain sok ngagunakeun basa Sunda anjeunna sok nag rieview kadaharan khas Sunda anu asalna tina aci-acian saperti, cimol,cilung,cibay,cirambay jeung sejenna. Tah ku kituna kahadaran urang Sunda ayeunamah jadi loba dipikawanoh ku urang luar Sunda, kapanan ayeuna gè seblak téh geus jadi kadaharan anu trending topik di Indonesia téh gara-gara Mamang Rafael téa influencer asal Garut nu mawa basa jeung budaya Sunda dipikawanoh ku loba jelema.

Tina catetan di luhur tiasa dicandak kacindekanna yén media digital téh hususna mèdia sosial ngagaduhan peran anu penting pisan pikeun basa jeung kabudayaan daérah hususna nu dibahas mah nyaéta budaya Sunda. Influencer nu ngabogaan peran penting dina mèdia sosialna sabab gede pisan pangaruhna pikeun masarakat sején nu ngagunakeun mèdia sosial. Saleresna seeur pisan influencer nu sanesna urang Sunda téh, mung anu ayeuna-ayeuna nuju viral nyaéta Mamang Rafael Si Duta Seblak asal Garut téa. (Fina Agustin)

Fina Agustin nyaeta mahasiswa Universitas Padjadjaran (Unpad).

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *